KU BISMILLAH DI KAWITAN NGADAMEL IEU SYIIRAN
KU ABDI YANG MEMBUTUHKAN KANA ROHMAT NA PANGERAN
IE SYIIRAN SIM ABDI ANU TIMBUL DINA HATI
ANU KEUR NGARAGEUP DIRI DI TINGGAL PUPUS KU RAMA
PAMUGI SADAYA NGARTI KANA SYI'IRAN SIM ABDI
ANU DINA SANOBARI KIEU DI TINGGAL KU RAMA
BARANG DINA HIJI WAKTU KALERESAN WENGI JUMAT
AYA KABAR TI KELUARGI TENTANG KONDISI PUN RAMA
SIM ABDI ASA TEU NYANGKA TAPI DA IEU TEH NYATA
PUN RAMA PUPUS
AYENA SIM ABDI MENI NALANGSA
SIM ABDI HENTEU KAWASA NAHAN IEU TEH SEDIHNA
TAPI NA KEDAH NARIMA QODO QODAR TI GUSTINA
JENAZAH DI TENGAH BUMI SADAYA PADA NINGALI
MAKSUD TAZIYAH KA EMA MENI SE'EUR SILIH BERGANTI
RAMA TOS DI PULASARA TINGGAL DI TUTUP MUKA NA
SIM ABDI HENTEU KAWASA NINGALIKEUN PAMENTEUNA
TEU KAPIKIR TI DITUNA TEU DI SANGKA TI DINYA NA
SEDIHNA KA BINA BINA PUN RAMA PUPUS AYENA
PAMENTEU RAMA KABAYANG DI
PANGKUAN DI LAMUNAN
SIANGNA JANTEN KENANGAN WENGINA JANTEN IMPENAN
TUANG ABDI TEU MIRASA SARE ABDI HENTEU TIBRA
RAGA ABDI RASA LARA NGEMUTAN NU MIKA CINTA
ABDI IKHLAS JEUNG NARIMA KANA SADAYA DAYANA
KARNA ABDI TEH MANUSIA SAUKUR BISA NGADU'A
TUR PAMUGI GUSTI NAMPI AMAL IBADAH NA RAMA
TUR SARENG PAMUGI GUSTI NGAHAMPURA DOSA RAMA
AMIN AMIN AMIN AMIN AMIN YAROBBAL ALAMIN
AMIN AMIN AMIN AMIN AMIN MUJIBA SAILIN
Tidak ada komentar:
Posting Komentar